:

1 Raja-raja 4

1

Suleman geus jumeneng raja sakuliah nagri Israil.

2

Pajabat-pajabat luhurna nya eta: Imam: Asarya putra Sadok.

3

Sekretaris nagara: Elihorep jeung Ahia, putra Sisa. Bendahara nagara: Yosapat bin Ahilud.

4

Panglima perang: Benaya bin Yoyada. Imam-imam: Sadok jeung Abyatar.

5

Kapala para bupati: Asarya putra Natan. Jurunasehat raja: Imam Sabud putra Natan.

6

Kapala rumah tangga karaton: Ahisar. Kapala rodi: Adoniram bin Abda.

7

Pikeun di sakuliah Israil, Suleman ngangkat dua belas gupernur, nu diwajibkeun ngayakeun bahan pangan pikeun raja saeusi bumi ti cangkinganana masing-masing, kagiliranana sabulan sakali saban taun.

8

Ieu ngaran-ngaran eta dua belas pajabat jeung daerah cangkinganana: Ben Hur, nyangking kota-kota pagunungan Epraim.

9

Ben Deker, nyangking kota-kota Makas, Saalbim, Bet Semes, Elon, jeung Bet Hanan.

10

Ben Hesed, nyangking kota Arubot, Soko, jeung sawewengkon Heper.

11

Ben Aminadab, anu nikah ka Tapat binti Suleman, nyangking satanah Dor.

12

Baana bin Ahilud, nyangking kota-kota Taanak, Megido, sakuliah wewengkon deukeut Bet San, deukeut kota Sartan, kiduleun Yisrel nepi ka Abel Mehola jeung kota Yokmeam.

13

Ben Geber, nyangking kota Ramot di Gilad jeung desa-desa di Gilad padesaan bani Yair turunan Menase, wewengkon Argob di Basan anu kabehna aya genep puluh dayeuh gede tur reugreug marake kuta jeung panto tambaga.

14

Ahinadab bin Ido, nyangking distrik Mahanaim.

15

Ahimaas anu nikah ka Basmat binti Suleman, nyangking wewengkon Naptali.

16

Baana bin Husai, nyangking wewengkon Aser jeung Bealot.

17

Yosapat bin Paruah, nyangking wewengkon Isaskar.

18

Simei bin Ela, nyangking wewengkon Binyamin.

19

Geber bin Uri, nyangking wewengkon Gilad anu kungsi diereh ku Raja Sihon urang Emor jeung ku Raja Og urang Basan. Aya deui hiji gupernur, anu ngagupernuran sakuliah tanah.

20

Urang Yuda jeung urang Israil lobana geus kawas keusik basisir, tur teu kurang dahareun teu kurang inumeun, baragja hirupna.

21

Ari legana karajaan Suleman ngawengku sakabeh bangsa ti semet Walungan Eprat nepi ka tanah Pelisti jeung wates nagara Mesir. Sapanjang anjeunna jumeneng, eta bangsa-bangsa anu kaereh ku anjeunna kabeh malayar upeti.

22

Ari bahan dahareun anu dipikabutuh ku Suleman sapoe-sapoena tilu puluh pikul tipung lemes, genep puluh pikul tipung badag,

23

sapuluh sapi kabiri, dua puluh sapi angon, saratus domba, jaba mencek, uncal, peucang jeung hayam kabiri.

24

Anu kaereh ku Suleman teh sakuliah tanah kuloneun Walungan Eprat, mimiti ti Tipsa di wewengkon Eprat terus ka kulon nepi ka Gasa. Raja-raja nu aya di kuloneun Eprat kabeh kaereh ku anjeunna, tur aman kerta ti sakabeh nagara sakurilingna.

25

Sapanjang anjeunna jumeneng, di sakuliah Yuda jeung Israil, rahayat hirupna aman santosa, saban rumah tangga baroga kebon anggur jeung kebon kondang sorangan.

26

Suleman kagungan kuda opat puluh rebu gedogan, paranti narik kareta, jeung dua belas rebu serdadu kuda.

27

Gupernurna anu dua belas, unggal bulan masing-masing kagiliran nganteuran bahan dahareun ka Raja Suleman, keur anjeunna jeung sakur anu aya di karaton. Kitu bae salawasna, ngalanteuran sagala bahan kaperluan.

28

Jaba ti eta tiap gupernur nganteuran jawawut jeung jarami pikeun kuda anu narik kareta jeung pikeun sato-sato momot.

29

Suleman ku Allah dipaparin kapinteran, panemu jeung pangaweruh anu luar biasa, teu bisa kaukur.

30

Kapinteran Suleman leuwih-leuwih ti batan bujangga-bujangga Tatar Wetan atawa bujangga-bujangga Mesir.

31

Dina sual kapinteran, anjeunna leuwih-leuwih ti sakabeh jelema, ngungkulan Etan urang Esrah, ngungkulan Kalkol jeung Darda putra-putra Makol, kagurnita ka saban nagara tatangga.

32

Anjeunna ngarang tilu rebu siloka, kitu deui kidung-kidung leuwih ti sarebu rupa.

33

Iasa medar hal tatangkalan jeung tutuwuhan, mimiti tina hal kai kiputri Libanon nepi ka hisop anu jadi dina tembok; iasa medar hal sasatoan, bangsa manuk-manuk, bangsa reptil, jeung bangsa lauk.

34

Kapinteranana kagurnita ka sakabeh raja saalam dunya, seug raja-raja teh ngaririm utusan seja marulung hikmahna.

Link: